Powered By Blogger

Sabtu, 04 Desember 2010

Carita Lucu ...

Pasea Gara-gara Gayus

Ket. Tukang Beca (TB)
        Nu naek Beca (NB)

NB : Mang ari ongkos ngabeca nu paling jau sabaraha?
TB : kamari teh ti Ciroyom ka Cimahi ngan 30rebu jang..
NB : euleuh, ti Ciroyom ka Cimahi 30rebu? duit si Gayus 100 milyar mun dipake ongkos beca nepi mana tah  mang?
TB : ah caket atuh eta mah jang ngan nepi Jatayu paling ge..
NB : naha 100 milyar ngan nepi Jatayu mang?
TB : sumuhun jang, kan bade meser bedog urut heula ka Jatayu..
NB : naha tah? teu kaemutan ku abdi mah ujug-ujug kanu bedog sagala. kanggo naon kitu?
TB : JANG NGADEK SIA.. AING NGABECA MEUNANG 30 REBU KA CIMAHI GE BIJIL KESANG NEPI KA BOOL BOOL, KOMO 100 MILYAR GOBLOG!! PODARAN WEH AING AYEUNA KENEH.. TURUN SIAH TINA BECA AING ..!!
Akhirna eta tukang beca jeung panumpang pasea gara-gara duit si Gayus, padahal da si Gayus mah moal naek beca !

Tidak ada komentar:

Posting Komentar